milang kala pmpt nu 23

 Milangkala PMPT ka 23 

"Miindung ka waktu mi bapa ka zaman "


        Milangkala Paguyuban Mahasiswa Priangan Timur (PMPT) anu ka 23 dimeriahkeun secara sederhana, Alhamdulillah disumpingan ku sababaraha tamu spesial ti senior. Acara dilaksanakeun di SD IT Nur Sintama dikawitan saba'da maghrib dugi ka beres. Dina raraga ngameriahkeun acara milangkala iyeu pengurus baru periode 2020-2021 ngadamel tumpeng anu mana engkena dituang sasarengan.

                    



    Milangkala ka 23 dilaksanakeun dina kaayaan kepengurusan teacan dilantik, sareng kepengurusan anu kapungkurn atos lengser, kuayana kitu tanggel waler anu ngalaksanakeun milangkala aya dina kasadaran Anggota PMPT.



Alhamdulillah, sok sanaos sederhana urang tiasa ngameriahkeun tur mieling milangkala anu ka 23 iyeu kalayan ngaraketkeun tali silaturahmi sareng ayi ayi oge senior ku ayana acara iyeu. 






0 komentar