KIPRAH MAHASISWA DINA NGAJAGA NILAI BUDAYA PIKEUN KAMAJUAN PANGWANGUNAN DAERAH
Narasumber : Torihin,
S.Pd.I ( Ketua KNPI Kabupaten Ciamis)
Host : Rijal Zahid Mustofa (Ketum PMPT Wilayah Cirebon)
Host
Assalamu’alaikum wr.wb
Alhamdulillah pada kesempatan kali ini, kita sudah
kehadiran kang Torihin ( Ketua KNPI Kabupaten Ciamis), pada popodcatsan di
Paguyuban Mahasiswa Priangan Timur (PMPT). Hatur nuhun pak tos nyempetkeun waktosna
kanggo ayeuna di acara popodcatsan PMPT.
Panginten dina kesempatan anu ayeuna arurang gaduh tema
“KIPRAH MAHASISWA DINA NGAJAGA NILAI BUDAYA PIKEUN KAMAJUAN PANGWANGUNAN DAERAH”.
Ayeuna kan berbicara mahasiswa oge nya termasuk pemuda mungkin aya dina naungan anu aya di KNPI tea sebagai kumaha tugas dan fungsina kitu pa. Panginten mangga bae dijelakeun heula saleresna KNPI teh tugasna kumaha, peranna keur ngajaga mahasiswa/ngarawat mahasiswa oge sangkan bisa diberdayakeun kitu kumaha,
Narasumber
Assalamu’alaikum wr.wb
Ngahaturkeun nuhun ka kawan-kawan mahasiswa anu
ngagabung dina organisasi PMPT (Paguyuban Mahasiswa Priangan Timur) anu aya di
Cirebon. Alhamdulillah muji syukur urang sadaya dina danget ayeuna tiasa
popodcatsan dina raraga urang sadaya sasarengan ngadiskusikeun atanapi
nyarioskeun kalebet dilebetna urang nyarioskeun kinten-kinten hal naon anu
tiasa ku urang sadaya di guar dina danget ayeuna anu tiasa berimplikasi
positif/ngabalokarkeun kasaean kangge KNPI atanapi kalebet oge paling utami
kangge mahasiswa/i anu notabene nuju kuliah anu kapayuna lulus, teras mulih
deui ka daerahna masing-masing mulih nateh maparin kamaslahatan kangge daerahna
masing-masing bade timana bae, bade ti Ciamis, bade ti Pangandaran, bade ti
Banjar, Tasik, Garut pokona sadayana anu lebet kana daerah Priangan Timur.
Secara pribadi simkuring ngaraos bingah kumargi
ternayata seueur keneh pemuda kalebet pemudi tangtosna oge pami dicarioskeun
pemuda, mahasiswa organisasi remaja anu aya dimana bae anu peduli ternyata PMPT
termasuk salah sawiosna organisasi mahasiswa anu notabene pemuda, anu masih
keneh peduli bahasana tetep peduli, kanggo nyarioskeun isu-isu kepemudaan,
isu-isu budaya, anu insyaAllah positif, anu ditataran salajengna, ieu tiasa
dijantenkeun tanagi sareng gerakan pikeun nyiptakeun kamaslahatan di daerah
mana mahasiswa eta aya.
Saleresna urang sadaya ngawitan bade ngadamel acara
anu dina lebet acara eta dicarioskeneun kinten-kinten kontribusi pemuda,
kontribusi mahasiswa, kontribusi generasi muda kangge daerahna masing-masing.
Saleresna tidinya wungkul tos katingali niat sareng I’tikad nu sae kantun di
tindak lanjuti supados eta tekad, supados eta rencana, sanes mung sekedar
wacana tapi jenten hiji gerakan, janten hiji tindakan, janten hiji kegiatan anu
berimplikasi positif ka daerahna masing-masing. Upami disebatkeun gerakan
konotasina teu kenging negative, soalna kadang-kadang wargi-wargi urang anu
mana disebatkeun gerakan ten identikna demo, identikna pengarahan masa,
identikna mengkritisi kebijakan, sok sanaos naon anu tadi disebatkeun oge
saleres namah teuaya lepatna upami memang gerakan-gerakan anu di lakukeun ku
mahasiswa sareng generasi nu sanesna dina raraga maparin solusi anu langkung
sae, kangge kegiatan atanapi pelaksanaan pangwangunan di daerahna
masing-masing.
Saleresna anu dimaksad teh nyaeta urang sami-sami
bertindak, sami-sami ngarobah anu mung tadina ngan saukur cita-cita wngkul,
angan-angan wungkul, kahoyong wungkul, kumargi kahoyong eta aya dipapada jalmi,
aya di papada generasi muda hayu atuh cuang badantenkeun, kira-kira kudu kumaha
yeuh kahayang urang teh di wujudkeun supaya jadi nyata. Tah organisasi PMPT
gaduh inisiatif sapertos kieu. Janten abi secara pribadi sakumaha tadi
didugikeun menyambut positif lah, ngaraos bingah masih aya keneh generasi muda,
masih aya keneh generasi anu janten harapan sepuh-sepuh urang kangge
ngalajengkeun pangwangunan anu bakal datang, masih keneh peduli kana
urusan-urusan mahasiswa, masih keneh peduli kana urusan-urusan kapamudaan.
KNPI secara kelembagaan ngaraos kabantos, margi
saleresna seueur keneh ruang-ruang kosong yang belum terisi, yang didalamnya
perlu dukungan dan dorongan yang kuat supaya para pemuda itu tidak pesimis
menyambut hari esok, menyambut masa depannya. Tah pan ruang kosong eta teh
kedah diisi bade ku saha bae nu penting sadayana gaduh emutan, gaduh pamikiran
anu sae pikeun ngawujudkeun cita-cita urang. KNPI teh saleresna sanes sasaha
sareng ulah disasaha margi diawal diadegkeunna KNPI kaping 23 Juli 1973 eta teh
kentel pisan, erat pisan katerlibatan pemuda organisasi mahasiswa margi
kelompok tipayun aya HMI, aya PMII, aya IMM kitu. Jenten upami ayeuna PMPT
nyarioskeun kumaha saleresna peluang KNPI kanggo ngahayap mahasiswa, ngahayap
para pemuda anu tergabung di organisasi kemahasiswaan, matak walerannana tos
teu asa jeung jiga meureunnya. Margi KNPI diadegkeunana ku organisasi mahasiswa
tujuanna moal tebih ti dunia-dunia kemahasiswaan, ti dunia-dunia anu notabene
generasi muda nuju semangat-semangatna pikeun milih jalan hirup pikahareupeun,
nuju semangat-semangatna milari jati diri, nuju semangat-semangatna berkorban
kengge kamajuan dimana pamuda eta aya. Janten bahasa sunda namah batu turun
keusik naek, batur purun ieu daek, atau batu turun keusik naek kalapa
tonggoheunana itu purun ieu daek sarua bogoheunana, hartosna bahwa PMPT hoyong
berkontribusi di sisi lain KNPI nuju berusaha ngahijikeun organisasi-organisasi
pemuda supados langkung tiasa ngamaksimalkeun, ngaoptimalkeun peran dan
fungsinya, janten gayung bersambut pasti nanti ketemunya menjadi sesuatu yang
memberikan daya dongkrak dan daya dorong yang luar biasa untuk menjadi pemicu
kangge gerakan-gerakan kepemudaan seterusnya.
Host
Pami kieu kang kan berbicara bahwa KNPI memang tadina awalna kitu kan di cipayung oge kitu nya, teras pami ningali kondisi sareng waktos ayeuna anu bisa disinergikeun antara KNPI jeng mahasiswa the dina raraga ngariksa nilai budaya anu aya di daerah sareng pikeun kamajuan pangwangunan naon yeuh kira-kira anu cocok? Soalna kieu kang, PMPT sendiri kitunya setiap taun saleresna osok ngayakeun baksos di daerah, tapi kadang persiapan anu minim jeung jarak anu jauh oge, meureun risetna kurang, kadang kita teu terang sabenerna nu bener-bener dibutuhkeun didinya teh naon kitu kan, kadang kita memaksakan apa yang kita konsep. Pami ayeuna ningali kondisi Ciamis khususna kanu di Ciamis panginten langkung terang kumaha-kumahana, naon kitu anu saleresna tiasa disinergikeun antara mahasiswa sareng KNPI kitu kan, boh ieumah nu di Ciamis atanapi anu dimana bae kitu pami ningali kondisi ayeuna?
Narasumber
Janten memang upami ningali Al-Qur’an bae kitu nya, dilungsurkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW itu kan bilughotiqoumin, jadi dengan bahasa kaumnya. Jadi ketika di sebutkan dengan bahasa kaumnya maka itu menjadi sebuah simpulan sebetulnya, bahwa harus disesuaikan dengan kondisi nyata dimana masyarakat waktu itu eksis. Saleresna PMPT gaduh inisiatif pikeun ngayakeun bakti sosial eta hiji kagiatan anu sae pisan, mung memang supados niatan anu sae ditindak lanjuti ku kegiatan anu sae sareng ke ngabalukarkeun hasil anu sae, aya sababraha hal anu memang kudu diemutan ku urang, tiasa janten maksad urang anu sae teh kumargi diterjemahkeunana kirang sae ku pemuda-pemuda nu aya di tempat anu aya, dilokasi anu aya janten katampinateh kirang sae. Kunaon sapertos kitu kajantenanana? Tiasa janten margi naon anu diperyogikeun ku anjeunana teh rada sakedik benten sareng anu ku urang ditawiskeun. Sehingga memang saena bakti sosial anu diselenggarakeun teh berbasis surpei, berbasis data berdasarkan kebutuhan dan minat yang ada di pemuda di lokasi yang bersangkutan. Engke saatosna sapertos kitu, urang tiasa nangkep tiasa memahami naon anu saleresna diperyogikeun tiasa kangge salajengna kanggo di followup supados anu kaserap ku urang mangrupa aspirasi, mangrupa kahoyong di pemuda anu bersangkutan, tiasa di cocokeun, tiasa disalaraskeun sareng tujuan anu hoyong dicapai tina visi misi ti masing-masing kabupaten. Misalna Ciamis visina kemandirian ekonomi, terciptanya kemandirian ekonomi sejahtera untuk semua, eta pami diterjemahkeun berarti kumaha carana bahwa masing-masing masyarakat kabupaten Ciamis teh gaduh kemandirian ekonomi. Anu behdituna diterjemahkeun deui anu mandiri ekonomi teh, mandiri ekonomi teh dina bidang naon tangtosna bae di sesueikeun sareng bidang anu mungkin di geluti anu aya di daerahna masing-masing. Upami memang di hiji daerah potensi anu langkung tiasa dioptimalkeun sareng dikembangkeun teh agriculture anu tiasa agribisnis, teu kenging ngemutan deui nu sanes entos bae eta di amksimalkeun, di fokuskeun. Upami aya pemuda dinu sanes resepna kana pengolahan limbah berarti eta we dimaksimalkeun, janten urang oge dina nalika bakti sosial teh kumaha carana memfasilitasi, ngarojong, atanapi berbagi peluang bisnis, berbagi peluang usaha menuju terciptanya kemandirian ekonomi anu sesuai sareng diperyogikeun. Misalna aya hiji pemuda anu tos biasa bergerak dina bidang agriculture budidaya tanaman, bade tanaman naon wae etamah bade multiculture atanapi naon. Tapi rada repotna teh misalna ngakses pupuk berarti urang tampil kumaha carana memfasilitasi supaya akses pupukna gampil, murah, distribusina cepet, sareng anu sanesna. Atanapi peryogina teh akses pemasaran, kumargi ayeunamah kan nu pentingna marketing digital, bingung yeuh masih keneh gaptek di lembur mah, ahli soteh wa-an kirim video misalna teh kitu atanapi nu sanes-sanesna, tapi misalna upami bikin toko digitalmah warung digital rada bingung kumaha ngauploadna, kumaha bikin ieuna kan kitu, nah berartikan kedang dibantos ku urang, dibantos kumaha carana bikin atanapi ngadamel warung digital, atanapi kumaha carana ngamaksimalkeun pemasaran bade secara online atanapi secara manual panginten kitu. Sareng anu sanes-sanesna di Subang kumaha, Pangandaran kumaha, Banjar kumaha, Tasik kumaha saleresna mending keneh pendekatan nateh naturalistic, bahwa tiap daerah itu memiliki ke khasan masing-masing tidak bisa di generalisir bahwa satu daerah itu potensina adalah ini, kan gitu.
Host
Teras kieu kang panginten, aya teu sih saleresna dina tugas-tugas nu aya di KNPI anu saleresna bisa di isi ku mahasiswa kitukan, pikeun kiprah mahasiswa pikeun ngabantu tugas KNPI sendiri. Jadi aya teu sih kang tugas KNPI anu memberikan ruang kanggo mahasiswa?
Narasumber
Di KNPI eta bidangna seueur, sehingga aya nu nyebatkeun bahwa ketua KNPI teh bupati na pemuda, margi urusanna seueur ti A-Z, bidang-bidangna aya bidang penelitian dan pengembangan, aya bidang pendidikan, aya bidang ekonomi, aya pariwisata, aya lingkungan, aya bahkan pertambangan, aya infrastruktur, aya hukum, aya politik, lah pokona sagala macem aya bidangna. Upa nyarioskeun pendidikan, otomatis dunia mahasiswa sangat identic sareng pendidikan, dihubungkeun sareng Tri Darma Perguruan Tinggi pendidikan, pengajaran, pengabdian kepada masyarakat, saleresna sangat nyambung kacida pisan nyambungna. Tah upami patarosanna sapertos kitu ruanganna terbuka lebar, nu tadi dicarioskeun seueur keneh ruangan anu kosong nu teu acan di maksimalkeun, teuacan kalebetan, teu acan ka isi. KNPI Ciamis ge ngisi ruang kosong eta, wabilkhusus kumaha carana mahasiswa tiasa langkung ngaoptimalkeun peran sareng fungsina sareng kontribusina, ngadamel program aya KNPI goes to school, KNPI goes to campus. Janten kapayunna margi program ieu teras berjalan, tiasa bae engke ngadamel acara sasarengan sareng PMPT dina raraga KNPI goes to campus. Intinamah berbagi kesempatan, berbagi peran, dan berbagi peluang, saling membesarkan dan saling menguntungkan lah panginten kitu.
Host
Nya pami ningali ayeuna kitukan nya kang, seueur mahasiswa anu asalna ti Ciamis kuliah diluar Ciamis kitu kan, penting henteu sih kanggo mahasiswa Ciamis anu kuliah diluar Ciamis kanggo mengikuti organisasi daerah Ciamis kitu, kan pasti aya orda na tiap daerah, model di jogja, dibandung kitu aya organisasi daerah anu kanggo mahasiswa Ciamis kitu, penting teu kitu menurut akang nyalira?
Narasumber
Nu namina organisasi atanapi hiji mahasiswa aktif di organisasi itu sanes mung hungkul tiasana aktif di hiji organisasi, biasanakan organisasi anu sanes ge aktif kitu kan. Ayeuna hiji mahasiswa ku aktif di hiji organisasi weh salersana eta maparin manfaat anu kacida luar biasa, dari isi perubahan paradigm atanapi isi pandangan-pandangan anu personal (pribadi) pasti benten antara mahasiswa anu sama sekali teu aktif di organisasi mana wae sareng mahasiswa anu aktif di organisasi. Cacak-cacak hiji organisasi bade naon bae organisasina pasti maparin manfaat ka anggota komo deui ka pengurus nu aktif di hiji organisasi. Komo deui aktifna the henteu di hiji organisasi wungkul, atanapi biasana upami jalmi aktif di hiji organisasina, teras aktif ngayakeun kegiatan-kegiatan kadang-kadang so kaya kerjasamana antara organisasi anu sanes. Kulantaran kitu pasti langkung seueur informasi atanapi hal-hal anu kaalaman, kasaksikeun kasaksian langsung ti jalmi-jalmi anu terlibat di organisasi. Saatosna kajentenan sapertos kitu maka jalmi anu bersangkutan teh gaduh pemahaman anu langkung luas, lamgkung bijak, informasina langkung seueur, akhirna saatosna gaduh pemahaman anu luas, tangtosna oge gaduh tekad anu kuat pikeun nyiptakeun kahirupan anu langkung sae, tah insyaAllah ditahapan salajengna anjeuna tiasa baris janten jalmi anu peka, peduli kanggo nyelesaikeun persoalan-persoalan anu aya di masyarakatna. Sehingga hiji organisasi mahasiswa dimana bae ayana bade anu di Ciamis ngadamel organisasi di Jogja, atanapi di Bandung, di Cirebon atanapi di kota-kota anu sanesna, simkuring mah yakin etateh pasti maparin hal anu positif, tibatan mahasiswa anu sama sekali teu aktif di organisasi. Janten kacida pisan pentingna etateh.
Host
Teras terakhir panginten nya kang, kieu panginten pesan ti akang khususna ti KNPI ti akang kanggo orda khususna PMPT kanggo ngahimpun mahasiswa anu aya di Ciamis anu aya di Cirebon, sareng ka mahasiswa-mahasiswa Ciamis anu kuliah di Cirebon atanapi anu kuliah dimana bae, sangkan tetep ngajaga nilai budaya ciamis nyalira sareng kumaha kontribusina sareng pembangunan daerah kitu kang?
Narasumber
Saleresna tiap daerah the gaduh nilai-nilai anu relative sami, margi anu namina nilai the berbasis kana nilai-nilai kemanusiaan anu aya di dirina. Pasti nilai-nilai optimism, nilai-nilai hoyong nyiptakeun suasana kehidupan, atanapi situasi kondisi anu langkung sae aya lah dina diri anu bersabgkutan, nilai-nilai kepedulian, nilai-nilai moral anu sanesna aya, termasuk nilai-nilai anu janten monopoli sejarah. Maksadna monopoli sejarah teh, nu namina galuh mah aya na di Ciamis henteu di daerah mana-mana deui. Nilai-nilai anu di agem di galuh nya tangtosna ge nilai-nilai anu tiasa jenten daya dorong pikeun nyiptakeun kahirupan anu sae. Kulantaran kitu da KNPI oge saleresna kapengker-kapengker mah kantos diskusi sareng mahasiswa-mahasiswa anu aya diluar ciamis, aya galuh taruna, galuh rahayu, galuh resik, galuh pamitran, galuh jaya, gaduh gerakan kumaha carana ngayakeun kontekstualisasi nilai-nilai kegaluhan. Margi ternyata nilai-nilai anu kapungkur di agem dijadikeun patokan dina nalika kerajaan galuh etis, peryogi di kontekstualisasi dina kaayaan ayeuna dina zaman jeung situasi ayeuna. Kapungkur bae galuh berhasil janten salah sawios kerajaan anu terkenal sa-nusantara, komo deui ayeuna situasi serba mendukung sehingga ayeuna pami dikontekstualisasi diharepkeun sareng simkuring yakin pami urang sadaya yakin sareng peduli bahkan tiasa diperjuangkeun Ciamis janten hiji daerah anu terkenal seantera nusantara oge ku nilai-nilai kegaluhannana. Margi pami didugikeun di sebatkeun nami tokoh-tokoh galuh anu memang terang kana sejarah galuh tos teu aneh deui, justru anjeuna ge menyambut positif kumaha carana nilai-nilai kegaluhan the tiasa di wujudkeun deui dina kaayaan ayeuna tangtosna ge disesuaikeun sareng kondisi sareng situasi ayeuna.
Host
Pesan na kanggo pembangunan daerah nyalira kumaha?
Narasumber
Saleresna anu namina pangwangunan daerah the biasana janten tanggung waler urang sadayana, pami urang ngarujuk kana UNDP aya 3 domain kana pangwangunan the: domain public, domain swasta, domain birokrat/pemerintah. Ieu teu tiasa bergerak nyalira-nyalira janten tiluannana kedah sinergis. Upami public wungkul swastana henteu jalan sami timpang. Tong boroning hiji anu jalan aya 2 bae anu hiji teu jalan moal jalan. Public henteu jalan nu jalan the swasta wngkul sareng birokrat sami timpang, nu jalan the sawata wungkul sareng public birokrat teu pantos maksimal kirang sae, sabalikna public jalan pemerintah jalan sector swastana lemah rada sesah kitu. Margi aya hal-hal anu tiasa di lakukeun ku public kalayan maksimal, ayah al-hal anu tiasa dilakukeun ku birokrat secara maksimal, jeung ayah al-hal anu dilakukeun ku swasta secara optimal. Masing-masing kan gaduh kewenangan sareng keterbatasan birokrat kewenanganna dimana, tapi aya oge perbatasannana eta menjangkau secara detail ka masyarakat. Aya hal-hal anu memang tiasa dilakukeun ku masyarakat, tapi memang teu tiasa dilakukeun sadayana ku masyarakat margi kedah aya fungsi-fungsi atanapi kerja-kerja birokrat anu didinya kedah tampil. Swasta sami teu tiasa sadayana dilakukeun ku swasta, margi aya hal anu memang teu tiasa dilaksanakeun anu memang tiasa dilaksanakeun na ku public. Akhirna eata the kedah janten hiji kekuatan, hiji kesatuan supaya pangwangunan anu aya di daerah the tiasa sukses kalayan sae. Mahasiswa bade ngambil peran dimana kan kitu, ayeunamah posisina msih lebet kana kategori public tapi kan kapayun na anjeunan lulus tiasa nangtoskeun naha bade janten birokrat/pemerintah, naha bade jnten politisi (anggota DPRD), atanapi di sector swasta di sector usaha, atanapi disektor anu sanes. Tetep eta the kedah diemutan ti ayeuna nahwa 3 domain eta menjadi kunci sukses supados penyelenggaraan pembangunan tiasa diselenggarakeun kalayan sukses di daerah mana bae, termasuk di kabupaten Ciamis. Matak mahasiswa kedah mempersiapkeun, meungpeung masih keneh kuliah kedah dipasihan pemahaman yen mahasiswa kapayuna the masih keneh terbuka kedah optimis, jeung kedah gaduh tekad yen urang the dina nalika ningali atanapi mendakan situasi sareng kondisi anu kirang sae sanes di kritisi tapi urang teu masihan solusi, tapi justru kedah di kritisi ku cara urang masihan solusi anu langkung sae, supados terjadi pembangunan anu berkelanjutan.
Host
Tah panginten kitu patarosan anu
terakhir. Intina pesan kasadayana mahasiswa tetep bangga janten putra daerah
dengan nilai-nilai budayanya, dan harus mempunyai tekad dan I’tikad untuk
membangun daerah kitu. Panginten hatur nuhun ka akang, parantos ngaluangkeun
waktosna, sakieu buktosna ti PMPT hapunten ngarerepot. Wassalamu’alaikum wr.wb
(Dewi Mira).
Paguyuban anu ngahijikeun Mahasiswa asal Priangan Timur (Sumedang, Garut, Tasikmalaya, Ciamis, Banjar dan pangandaran) nu kuliah di kabupaten/kota Cirebon.

0 komentar